DEFISIT JEUNG SURPLUS


MASIH aheng geuning di KBB teh, ari ti heula mah anu rame teh istilah defisit anggaran. Hartina dina realisasi anggaran teu nyambung antara pangabutuh pangwangunan anu geus aya rengkolna dina belanja APBD jeung neangan duit nepika seret teu nyumponan kana kahayang atawa target nu geus ditangtukeun.

Antukna loba pangwangunan anu ditangguhkeun. Malahmandar
Pemda KBB pernah gagal bayar hartina teu bisa mayar tagihan pihak pengusaha nu geus ngalakanakeun kawajibanana dina proyek pangwangunan.

Ari ayeuna kumaha ?, ujug2 aya bewara ti pemda di media yen dina ngokoleukeun APBD 2025 taun kamari, cenah Surplus 127 M.

Hartina aya sesa leuwih waragad nepika sakitu. Atuh rada geunjleung dunya teh. Ceuk rahayat mah asa angger kaayaan teh. Masih loba jalan raruksak, para kades kukulutus ngarep2 program pangwangunan geus lila euweuh perhatian pemda. Cindekna ti kuring mah, ulah waka kapangaruhan ku defisit jeung surplus, eta mah istilah anggaran.

Kakara aya hartina jeung karasana nu disebut surplus lamun realisasi pendapatan daerah ngaleuwihan target nu geus ditangtukeun. Dampaknya kabeh program pangwangunan nu geus aya rengkolna di APBD bisa dicumponan.

Ieu mah sebalikna nu ka sebut surplus teh lantaran realisasi pendapatan teu nyumponan target, kapaksa program pangwangunan dikurud teu dicumponan kabeh. Jadi teu robah kaayaan teh. Keur kitu, loba tokoh masyarakat nu nanyakeun ari surplus jeung SILVA dina ngokolakeun anggaran nanon bedana?


Tuh nya, acan nanaon geus panjang deui wae tulisan teh. Tulisan kamari loba nu protes ka kuring majar panjang teuing tulisan teh cenah teu kaharti. Nya urang eureun heula we atuh. Bari udud heula. Cag ah.(Kang JK).